Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lalaki Ti Lebak Cawéné

Rabu, 3 Desember 2014

NU uleng, jeroning leumpang bari nyépakan kaléng sardéncis. Tina dada ganggawang pating kuniang kahariwang. "Anj... Deuh! Teu wasa aingah nyebut anjing téh." Dina saku, duit kencring nu teu kungsi disukuran. Ras, kana gas nu kari tabungna, moal matak sééng nyéngsréng. Ras, ka nagara, ukur kurindang, euweuh alaeun. “Gan, pasihan, gan, lapar!” si nini, jajaluk. Bingung. Naon nu kudu dibikeun? Kusiwel. “Deuh, nini, aya gé moal cekap keur tuang! Wios?” song, duit kencring. “Ih, kantenan wé, gan, ditampi pisan.” Basa rék ngaléos. “Kélanan, gan!” carék nini. Beg. Karérét, si nini keur ngajambretan kulit peunteuna. Leungit karisut. Bréh. Widadari. “Nuhun, kang, katampi asihna,” ngarenyu. Hémeng can leungit. Gep. Panangan widadari ngarangkul angkéng. Biur. Ngabelesun ka awun-awun. Ngeleper. Teuing paur, teuing sur-ser, puguh antel ka nu neuhneur. Kandeg. Ti luhur, sidik, nagara haleungheum. “Tingal, kang!” ceuk widadari, bari tuluy nyingraykeun lalangsé nu ngarungkupan nagara. Bray. Caang padang. Ngajanggélék. Sunda, nagara super power.*

Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya