Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kembang Trotoar

Kamis, 4 Desember 2014

MANÉHNA émok. Sarung nengah harigu, nutupan awak lagedu. Lar angkot. Séréngéh. "Iiih lucu.. Na lauk téh tinggelenyu. Itu lélé ngajak seuri." Nungkup biwir. Mengkek piseurieun. "Suit! Suiit!" Sora nu purunyus, waktu treuk liwat hareupeunna. "Monyét dianting! Nénéng geulis, nya.." Sidakep. Cicirihilan. Ngusap buukna. "Jambul angin puyuh," cenah. Gumeulis. Pucunghul sédan. Dumadak. "Iiiy.. Beurit gedé numpak mobil. Kumisna mani jocong. Garila!" Ngabirigidig. Meungpeun carang. Malik. Nonggongan jalan. Taya kacapé. Nataan nu ngalalar. Nepi ka peuting. Waktu manéhna lelenggutan, "Néng, ngiring sareng Aa, yuu.." Umajak. Nyegak. Bau arak. Nyah beunta. Kerung. Dangdak-déngdék. Tuluy buringas. "Cucunguk! Aya cucunguuk!" Géréwékna. Kuniang. Habek. Jekuk. Peureupna ngahanca irung. Suku néjéh. "Modar siah!" Si lalaki ngajurahroh. Kapiuhan. "Cinta satu malam, oh indahnya..." Hariringna. Tuluy ceurik. Kanyenyerian.*

Aris Kumetir - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya