Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Mapay Lembur

Jumat, 5 Desember 2014

APIH. Geus dua minggu ngerewih waé, palay dianteur ka lembur. Majar sugan aya kénéh baraya nu nyésa. Rék néang pendeman ibu ramana, jeung hayang ningali ngémploh pasawahan tur leuweungna. Nu lawas ditilar, leuwih ti sawidak warsih. Basa ditaroskeun naon ngaran lemburna, Apih keukeuh hilap deui. Ngan cenah emut kénéh lebah- lebahna.
Nyorang lalampahan leuwih ti dua las jam. “Tah, Pamoyanan. Ngénca Ang,” ngomando. Sapaparat jalan bangun taya kacapé, nunuduh lebah ka bali geusan. Jigrah.
Apih mindeng ngalalakonkeun pangna lunta ti lembur. Teu ngagugu kana panyaram Aki. Tukuh hayang jadi tangtara. Bleng, Apih dibenum jauh pisan, ka Kalimantan. Kapahung mangpuluh taun. Nu matak can kungsi ngajak kulawargana ka lembur karuhun.
Di pertélon Warudoyong. Mangprung lempeng muru ka wétankeun.”Tinekanan bisa mulang ka banjarkarang,” cenah bari umat- imut. “Lamun Apih maot, omat kurebkeun deukeut nini aki hidep.”
Netek di tanjakan Pari. Bréh, gapura ngawilujengkeun. Maung, Panjalu. Apih kalah ngageubra. Mapayan lembur mapag sungkawa.*

Ida Nurulhuda - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya