Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nadar

Jumat, 5 Desember 2014

PAMAJIKAN nu ngingetkeun téh. Yén kuring kungsi nadar basa keur sangsara. Ceuk manéhna, kuring kungsi nyarita yén lamun jaga beunghar, rék kawin deui. Lain teu inget sabenerna mah, tapi teu diinget-inget. Bingung tungtungna mah. Kudu kumaha pipetaeun. Calon mah geus aya, ngan méméh pamajikan ngungkit-ngungkit hal éta mah, teu niat rék dikawin. Piraku teuing. Jajauheun nepi ka diénéng-énéng ka manéhna. Sok atuh geura dikawin, ceuk pamajikan, basa ku kuring dibéjakeun téh. Paromanna teu aya riuk timburu. Dosa, lamun jangji teu ditedunan téh, pokna deui. Teu waka dienyakeun. Lain, lain teu hayang nyumponan jangji, tapi kuring kahalangan ku nadar manéhna. Enya, apanan manéhna ogé nadar, yén lamun kuring kawin deui, moal asa-asa rék neukteuk bobogaan kuring.*

Rudi Riadi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya