Sastra & Humor
Fikmin
Bagendit
Senin, 8 Desember 2014
GEULEUYEUNG. Ngangsrod na beungeut cai. Kustira ngagalah rakitna ka tengah. Angin burit rerendahan. Niupan raga nu teu reureuh nalangsa. Laju rakit, ngalaunan. Harepan ditebar dina réképna heurap. Teu lila. Heurap dipulutan. Nyamos. Belewer deui. Nyamos kénéh. Bréh. kacipta. Tutunjukna curuk nu di imah. Heurap ditebar deui. Weléh. “Dasar situ wawaris jelema pelit!” Norowéco. Ngaguruh. Cai situ ujug-ujug séah. Ngabudah. Angin ngagelebug. Langit geuneuk. Pucunghul. Leungeun ti jero situ. Kustira dicekék. “Nyarita naon silaing?” Sora awéwé, ngahaok. “Asa kungsi” pokna. Bari ngahuleng. Beuki uleng. Milihan ingetan tina éntépanana. Cai situ ujug-ujug séah…*
Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


