Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ménak jeung Somah

Rabu, 10 Desember 2014

GEDONG sigrong sima gonggong. Balé gedé nu rancagé. Pereték pangeusi bumi. Patinggurilapna banda ngabaur jeung luhurna pangkat darajat. Jungkrang nu lungkawing, misahkeun saung di sisi lamping... buruan nu layuan, simpé cadu kaanjangan ajag.
“Kami rék indit bisnis. Omat, sing bérés digawé téh. Sing inget ka buruhna. Apan geus diijonan tiheula keur ongkos budak!” Nu papatah tunjuk acungan. Bentik curuk panting panitah.
Ki somah andéprok di handap. Badis ucing piaraan. Manggut bari culanggeu. Nempo ménak nu keur lélédak.
Jol nu nyampeur. Sarua hurung harérang. Medok dénok némbongkeun kelasna.
“Urang fitness tuluy shoping. Meunang rejeki, prosentaseu tina bisnis kamari!” Ceuk ki ménak. Jung nangtung. Ngarérét kanu cengkat tina andéprokna.
“Deungeun sangu asup-asupkeun kana kulkas. Jang engké kami dahar!” papadon deui. Ki somah ukur unggeuk.
Neuteup ceuleuyeu nyérangkeun ménak nu ngagandeuang. Ki lanceuk patuturun hulu ti hiji indung. Nu kiwari ngaku dulurna ukur ka dunya.*

Ratna Ning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya