Timburu Ngahuru Hulu
RÉNGSÉ adus wiladah tuluy nangtung. Laju dipuput beuleum sapu pare. Haseup mulek. Manéhna nyéréngéh. "Teu kudu tunggon opat puluh poé. Ku aing dilayanan!" gerentesna. Buukna ngarambueuk kana beungeut. Samping nengah harigu nutupan awakna anu sampulur.
Di tungtung lembur. Ringkang kalangkang keketeyepan tukangeun imah. Ngadeukeutan jandéla. Jangkrik dumadak simpé. Ukur bueuk disarada dina rungkun awi. "Isah. Isah..." cenah bari ngetrokan jandéla. Matana ngulincer. Rurat-rérét. Jleng, luncat nalika jandéla geus muka. Héab jeung hégak ukur di jero pangkéng. Peuting mingkin nirisan.
"Kaperego ku Mang Adun waktu balik ngaronda, " nini paraji mani capétang. Amarahna nguntab. Ngageremet. Pipilis dina tarangna diusap. Murudul.
Peuting nu bayeungyang. Di tungtung lembur. Hiji ringkang ngajorélat. Ngadeukeutan imah panggung. Ti luareun jandéla. Kapireng. Hégak nu teu bireuk. Amarah. Teu katadah. Wur. Wur. Sakuriling imah. Cekés. Gur. Seuneu ngabebela. Sora nu jumerit atra meulah simpéna peuting. Awor jeung seuri nyikikik. Sugema.*
Aris Kumetir - kisuta.com


