Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Istri Raspati

Kamis, 18 Desember 2014

MUNGGUHING istri, salawasna kedah bakti ka carogé. Kitu saur agama tur budaya urang.
Ngawulaan Aa lahir tumekaning batin. Rido tur ihlas, teu luh-lah, sumawona ngarasula.
Basa tepang sareng Aa di réstoran, nuju sareng istri, teu ieuh jaheut. Réréncangan Aa panginten.
Wengi tadi, basa rérés pertemuan taperwér, di hotél, Aa kaluar ti kamar sareng réréncangan istri Aa nu sanésna. Sawios, da émut saur Aa; "Pameget mah damel téh siang wengi, demi nganafkahan kulawargi."
"Mana kaméja beureum aing?" saur Aa.
"Aéh hilap, acan dilicin A, punten!" Asa dosa, hilap karesepna.
"Polongo dia, pan ayeuna aing rék miting jeung Lola, éta baju karesepna!" Aa ambek pisan.
Plok, neunggeul. Wios Aa, wajar wéh da abdi lepat, hilap.
Kituna téh beuki sering, da abdi hilap waé.
Saur Aa, abdi piwarang ngaleueut pél ieu, supados teu hilapan. Aa perhatosan pisan ka garwana téh.
Atos dileueut Aa.
Hararampang pisan ayeuna mah, tiasa ningal Aa di mana, tur iraha baé.
Hanjakal, Aa teu tiasa ningal abdi.
Punten Aa, abdi ukur tiasa nepangan ku acuk bodas rewag-rewig kieu, supados teu dilepatkeun batur, pami abdi nyekék sia... Aa.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya