Nu Nénéangan
DINA unggal lolowong panto nu muka, manéhna tumanya. Dituturkeun ku ingsreuk budak awéwé nu ngiclik tukangeunana. Klik. Bray. Ronghéap.
“Kantos ningal Si Étéh ieu?” Cenah. Lumengis. Panonna mendet citangis. Nu ditaranya ukur rampak gigideug. Basa mencrong foto digital nu diasongkeun. Kabéh euweuh nu arapaleun.
Jorélat deui. Manéhna. Kadua budakna. Mapay sésélékéna jalan dayeuh nu rarembet ku ringkang warna jeung gebur ungkara. Unggal iklan dititénan. Unggal gambar ditengetan. Rundag-randeg hareupeun jeblag panto teuing nu ka sabaraha. Tumanya deui. Nyamos deui.
Wanci sumedeng reup-reupan. Budak awéwé téh katara bangun nu lungséeun pisan. Ingsreukna teu kadéngé deui. Leumpangna mimiti ngalénghoy. Bangun rampohpoy.
Di juru alun-alun dayeuh ramatloka, manéhna mung nyaksian budakna nyanghunjar lambar. Laju milu gempar jeung barudak pantaranana nu geus tiheula ngareureuhkeun sora.
Manéhna. Bati ngusapan dada. Panonna mureleng ka luhur. Neuteup langit kinayungan. Norah reueuk palintangan. Lalaunan awakna muih. Lelet pisan. Laju nyangreud. Ngagadeud. Mirupa lolongkrang password.*
Asep Komara - kisuta.com


