Jurig
GEUS sabulan Mang Sarjum ngungun. Ka sasaha ngangluh jeung ngangluh. Kaciri aralna. Teuing ku naon.
"Tahajud geura, Kang."
"Na teu kadeléh ku manéh! Kamari ieu déwék ngadedeluk solat. Béak beurang, béak peuting. Nepi ka saat cimata. Naon hasilna?"
"Asytagfirullohal adzim." Pamajikanana ngaléos. Taya guna.
Saban detik teu puguh rasa. Lelembutan ngacacang. Awakna ngadégdég. Huntu noroktok. Késang ngagarajag. Panon molotot, kawas keur nempo nu pikasieuneun pisan. Teu lila luak lieuk ka sakurileungeunana. Rupa-rupa jurig ting belegedeg. Beretek Mang Sarjum ka dapur. Rék nyumput. Gok jeung jurig bawang, céngék, béas. Keur aréngklak. Ngajebéngan. Lumpat ka luar, ka jalan, jurig kandaraan rentul. Ka pasar. Jurig daging ngabeberik. Belenyeng ka émper sakolaan. Jurigna rék nyekék. Durugdug ka ditu. Deregdeg ka dieu. Jurig jeung jurig. Kedeprek, leuleus. Aya nu nyampeurkeun. Maké sorban. Euweuh sirahan. Dadana gorowong. Pok nanya,
"Dupi ayi badé janten jurig Naon? sareng badé ngajungjurigan saha?"*
Dadah Hidayat - kisuta.com


