Kantreg
SOLALILALI ola olala...Solalilali ola olala...Dangdut koplo midangdam. Ngawurkeun kacangcaya. Nyocokan ceuli panumpang. Beus angger ngajeten.
Lalaki. Ngésod. Uyup-ayap kana aspal. Ngalangsud. Siki panon hurung. Seuneu amarah nguntab-nguntab. Orokaya, tanaga suda. Leuseuh mamawa awak nu teu bisa diajak badami. Ngongkoyangan ku rereged. Panyakit nahun taya tambana. Leungeun ranggah.
Solalilali ola olala...Solalilali ola olala... Awéwé. Racleng bilatung tina sungutna. Dipulungan imeut pisan ku awéwé nu duaan. Badis hayam nyorokcok gabah. Megil dina telih. Magol dina elak-elakan. Eueuleugeugan. Silitémpas, silipoyok. Lila-lila silijenggut. Silipacok, sililédot. Lila-lila siliuyup getih tina genggerong.
Solalilali ola olala...Solalilali ola olala...Hujan kambreg. Opat kalangkang oyag-oyagan. Leyur katinggang cimata langit. Nyérangkeun tina jandéla. Leungeun tiba ngusap beungeut. Ngagebah riwan mangsa beunta. Rérégan nutup.*
Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


