Potret Bao
SABENERNA mah eta teh potret heubeul. Geus tilu ratus taun leuwih. Ngan, cenah, eta potret ngahaja dibeuli bao basa rek kawin. Jadi salah sahiji maskawin nu dibikeun ka bao awewe.
Nu aslina mah geus dijual ku Uyut Murni. Baheula, basa potret mimiti booming. Sanajan kiwari kulawargana ngan bisa ngukut duplikatna, tina hasil ngajual eta potret, uyut sadulur-dulur bisa terus sarakola. Malah, ceuk dongeng Aki Udi, putra Uyut Embi, imah di Cihayam, nu kiwari dicicingan ku manehna sapiri umpi, oge ladang ngajual potret tadi.
Atuh, kaharti mun kiwari eta potret teh didama-dama pisan. Lain bae sok ngahaja nyeluk Up&Fresh, nitah diberesihan. Tapi, mun sakalina keur baluweng, manehna sok ngahajakeun neuteup eta potret, nu ngajeblag meh minuhan tembok rohang tengah. Merong anteng ka na tulisan leutik nu aya di beh handap. “Lee Hyori by Raka Bachtiar ©2017”.*
Maman Gantra - kisuta.com


