Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Asih Larangan

Kamis, 25 Desember 2014

WAKTOS-WAKTOS kalangkung, enya! mangsa sumedeng ligar. Didieu. Jeroeun dada. Pirang-pirang haté kungsi bumetah. Iwal anjeun anu nenggang. Muhun, anjeun! célak nu nenggang. Asihna sungapan harepan. Hiji peuting. Dina pagaliwotana pasar malem handapeun langit nu pésta béntang. Rangkulan karaos pageuh dina angkéng. Pori-pori ti tungtung sirah nepi ka tungtung suku seubeuh nyeuseupan hawa kadeudeuh. Embun-embunan ngelunkeun haseup kayas lir pawon anu haneuteun. "Nyaan, luarbiasa karasana," ceuk haténa. Aya nu nyolongkrong. "Nung! sareng saha?" lalaki di seragam pulisi nanya. Paburisat. Pésta béntang rérés. Langit kari alumna. Ari leungeun, pakupis ngagebahan haseup kayas tina sirahna. Tuluy dongko. Mulung jajantung nu muragna geus ti tadi...*

Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya