Mahadéwa
“TULUNGAN kuring, Jata, supaya calon salaki Sati jadi lalaki anu gandang tur kasép!” ceuk Prajapati Daksa. Siwa, nu nyamur jadi pamatung, ukur imut. Manéhna melong ka Déwi Sati, kembang haté nu lawas jadi inspirasi ibingna.
“Deudeuh teuing, Sati. Salira dibangkol ku kaadigungan nu jadi bapa. Sedeng kuring, Mahadéwa nu teu walakaya nadah citresna nu aya dina sorot mata salira,” gerentes haté Siwa. Sati alum. Kalangkang Siwa aya dina diri tukang patung. Tapi Sati kudu meruhkeun haténa sorangan. Siwa ulah nepi ka aya dina kongkolakna.
Jeprét. Bumi alam ngadadak meredong.
“Aaaaah...!” sakampung méh bareng.
“Hadeuh, dasar PLN...teu nyaho kasenangan batur!” pamajikan ijigimbrang.
“Oh, Déwa Siwa....geura lungsurkeun kaajaiban anjeun. Mugia listrik énggal hurung deui!” Si Bungsu ngarapetkeun dua dampal leungeunna.
Kuring istigpar. Bari nyéréngéh.*
Rudi Riadi - kisuta.com


