Ladang Deleka
“HARITA, basa jeung manéhna…,” Saur salira unggal-unggal. Nalika ngadaweung di dieu. Di Ambén panineungan. Sanes panineungan salira sareng abdi.
“Angeun lodéh beunangna mah lekoh…pelem.” Kasauran salira nalika dikaulaan.
“Basa karék boga si cikal…,” Soca salira katingal semu beueus.
Panineungan. Jeung manéhna. Ungkara nu teu weléh diwiridkeun ku Salira. Dina haropakna pameunteu. Dina ngeleterna soanten. Dina rumanggieungna waruga. Dina beueusna soca.
Sakitu warsih nyarengan salira. Sagurat panineungan urang. Ngan kari rangkayna. Tara ieuh kapiroséa.
Waruga gandang laksana dipibanda. Orokaya rasa teu bisa dibobodo. Tresna ngagalura mung sakedapan. Boa ukur ngabeungeutan. Deudeuh karasa ukur lalambé.
Remen haté patanya jeung sorangan. Naon kurangna ieu diri. Kanyaah. Pangaulaan. Parantos tamplok. Sadaya kanggo salira.
Hiji nu teu bisa dipungkir. Karumasa nu teu bisa dipondah. Kapahung dina kaduhung. Réka perdaya baheula. Megatkeun salira ti manéhna. Catetan rumeuk. Lantaran ngaberung napsu. Raga nu dipibanda, bet ukur cangkangna. Dalah katresna nu natrat, angger milik manéhna.*
Aam Amarullah - kisuta.com


