Tragédi
“HÉ, anggota déwan anu hina! Vidéo anjeun nu jeung bupati aya dina laptop kuring.”
Anjing! Naha saha atuh nu harita wani noong maké kaméra? Beu, bahaya! Aing teu meunang cicing. Geuwat ditelepon. “Saha manéh, hah? Aing wakil rayat, tong macem-macem!”
Manéhna seuri ngagakgak. “Aing rayat nu diwakilan ku jalma nirca! Ulah loba omong, hayang disebarkeun? Atawa geuwat transferkeun duit samilyar!” Hapéna dipareuman. Teu lila, torojol nomer rékeningna dina SMS, diwuwuh ancaman teu meunang lapor ka aparat. Kuring geuwat ngirimkeun kahayangna ku e-banking, bari tuluy nga-SMS, sangkan éta video dikirimkeun kana e-mail.
Teu lila vidéo datang. Durasi tilu menit. Siap upload kawasna mah, da geus dijudulan angker pisan: “Video Panas Anggota Dewan dengan Bupati Seksi.”
Geuwat dibuka. Bréh, adegan keur sasalaman jeung bupati, basa kunjungan dinas ka daérahna, tengah poé éréng-éréngan.*
Rudi Riadi - kisuta.com


