Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Labuh

Selasa, 6 Januari 2015

LANGIT biru. Laut biru. Parahu laju. Balayar, miang kajauhna. Ninggalkeun gudawangna rasa. Nyésakeun harepan samar, dina wilangan wanci. Wanoja nangtung sisi darmaga. Luhureunna, camar pating geleber, pating alabring. Teuteup angkeub nyérangkeun titik nu beuki leutik. Nangtung nepi ka témbong gurat layung. Wanci matapoé satengahing teuleum na tungtung sagara. Ngempur. Cahaya éndah pulas gumading. Jajaka remen singgah sakedapan. Sakadar labuh jangkar, sareureuhan. Tepung lawung, kajurung haté nu pada liwung. Timbul rasa nu rosa. Tumuwuh kembang trésna séwang-séwang. Satutasna, jajaka nguniang, laju deui meulah samudra. Wanoja nganti, tumanya ka diri. Cindek. Rék tukuh, satia mihéman. Pajuaran geus sadia, paranti jajaka neundeun ninggalkeun. Wanoja can wasa balaka, geus karampa darah jajaka, na rahimna.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya