Haréwos keur Rose
ANJEUN téh ukur Winger, Rose. Tapi anjeun teuing ku lenger dina bab manuver. Jauh ti andalemi. Teu kawas basa anyaran lulus ti Akademi. Ketak anjeun mindeng ngabarubahkeun mantengna rarancang misi. Adat anjeun matok dina gurat batu. Ti mimiti latihan. Tug nepi ka diusna urang mangprung ka pangperangan. Boa anjeun neuteuli kénéh basa harita ku kuring dicarékan. Atuda anjeun geus wawanianan. Ngiwat potrét nu ngait dina sesela Alti. Potrét si jenat éta mah. Anjeun teu kudu hayang apal sagalana.
Sakeudeung deui ieu tatu bakal cageur, Rose. Kapal kuring nu burakrakan moal ieuh dipikiran. Si kukut Eagle geus lawas ngadagoan. Paduli teuing dilandih pilot curaling. Kuring geus luas dijagragkeun di pangadilan. Bongan anjeun bet luluasan. Mungkas kaasih ku rudal Sidewinder salempagan.
Mugia anjeun teu apal, Rose. Nu naplok tunjangeun pedal si kukut. Potrét beungeut budak lalaki. Nu keur nyéréngéh seuri. Ukur éta nu katempo, mangsa diri keur diheumpik ku bedasna gravitasi.*
Asep Komara - kisuta.com


