Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Balik Nagih
Rabu, 7 Januari 2015
KALAH boborot. Jajauheun ka beubeunangan nagih téh. Tuda ningali waruga pamajikanana nu rengkung sarta pakéanna nu lalayu sekar. Katambah ku barudakna nu laleutik kénéh tur pikarunyaeun, matak muragkeun cimata. Geus lila cenah salakina téh teu néang. Duka ka mana, pokna téh. Kuring ukur gogodeg. Teu sangka boga sobat lawas téh kitu peta. Jadi poho kana rencana, anggur ngaluarkeun dompét. Song méré keur lima kiloeun béas. Nyésakeun keur ongkos kana KRD baé.
Nepi ka halteu téh rada lalungsé. Gék diuk dina bangku. KRD elat.
“Halow, Mah, geus balik nu nagih téh? Bapa kesel yeuh, tatadi cicing di halteu. Lapar!” ceuk nu nelepon, tonggongeun pisan kuring diukna téh. Apal sorana. Ieu peureup ngadadak ngagedéan.*
Rudi Riadi - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


