Batu Ali
SAPRAK maké batu ali, wawanén nambahan, uteuk éncér, cacahan ngagorolang, tanaga rohaka, ngan kaéra ogé sirna. Kapaké ku dunungan. Surat tugas teu katadah, kapercayaan beuki ngayakinan.
"Bagor jasa yeuh batu" keretegna.
Tugas pemasaran ka sakuliah nusantara suksés. Cabang di mana-mana.
"Naha ari ti Kawali tepi ka Merak mah, teu muka Cabang, teu bisa nembus?" Bosna nanya.
Ngahuleng "enya ogé nyah, kalah haben baé ka daérah séjén?!" karak kapikir.
Sup ka Ciamis, nanawarkeun kerjasama, weléh. Cacak batu ali digosok unggal deuk presentasi. Bus ka Sumedang, Bandung, Banten, sarua teu diréspon.
Panasaran, indit kanu ngajual batu ali. Suwung. Noong patengahan imahna, ngajeblag gambar Mahapatih dedeg. Gagah. Barang neuleu lebah dadana, rey késang renung. Dina kangkalungna, aya batu nyéngcélak, sarua jeung nu dina ramo manéhna.
Gep, belewer, batu ali dibalangkeun satakerna.
Kadieunakeun, di wilayah Jabar jeung Banten, rajeg kantor Cabang.
"Aing PT.Dyahpitaloka, lain sumpah DIA!" gerentesna, basa meuli batu ali di Kawali.*
Rohendi Pandeglang - kisuta.com


