Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Manéhna

Kamis, 8 Januari 2015

TEU sirikna ngungudag anak kuwu téh, sabada meunang balap di jalan anyar ngahotmiks. Tito serah bongkokan di Tanjakan Sanghiyang, leuir ngagiwar, nubruk tukang céndol. Ahirna manéhna daék diajak ulin. Apanan duit hasil tumpangan jeung Tito nu keur mayar baso Arafat nalika ngajajanan manéhna téh.
"Ti harita Aang ngahiang. Teras ka mana?" pokna, katutuluyan. Barabat ngadongéng deui. Sanggeus ditundung kolot, kakaburan, ngumbara ka dayeuh. Wanoh jeung Si Kudil, anggota géng motor. Maceuh. Ngécot di Jalan Diponegoro, trék-trékan di hareupeun Telkom, nepi ka dicerek ku pulisi, dikerem di mapolrés, wanoh jeung Kompol Obar nu nyakolakeun di Sentul.
"Dua puluh kali juara nasional," cekéng téh basa manéhna tetelepék.
"Ati-ati nya, Ang," cék manéhna bari ngaléos, awakna leuwih sampulur batan umbrella girls, nyampeurkeun Tito nu keur nyérangkeun. Teu karasa, leungeun ngaragap harigu. Di jero, inisial manéhna nu sarua jeung si cikal, jadi tato mapaésan harigu beulah kénca.
Di Qatar tepung deui jeung Tito, juara dunya tilu kali, rék patutunggalan, ijén di sirkuit. Dina héab nu sarua.*

Aris Kumetir - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya