Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Cakcak

Jumat, 9 Januari 2015

AYA hiji cakcak hayang pisan ngalegleg badak. Atuh méh saalam dunya ngadon ngagakgak. Ngageuhgeuykeun. Pajarkeun téh, si cakcak ti gujubar kana lahang bari. Mabokna teu orot-orot. “Loba teuing ulin di pajagalan, uteukna kakeueum ku getih marmot!" ceuk gagak, ngékéak ti jomantara, bari terus eunteup na dahan huni nu ngarangkadak ka tepas bumi Firaun.
Tapi cakcak tonggoy kana karepna. Ngeteyep ka Pasirbuntu, nepangan Resi Sulaéman. Horéng karah ditandéan. "Ngan saratna rada beurat, Jang… Mujasmedi, matigeni, teu meunang ingkah ti ieu tempat saréwu taun," saur Mama Resi. Cakcak ukur unggeuk. Undur, nuju batu nu ditunjuk ku si Mama.
Kiwari, salikur réwu taun saprak si cakcak ngamimitian tapana, Mama Resi tos lami suargi, pangeusi dunya geus sabaraha kali baganti. Tapi, kahayang si cakcak can kacumponan. Karah awakna hurung ngempur. Nyaangan tiap bangbarung, ngaduruk haté nu bingung. Héabna nojosan mangkeluk linglung, notos langit kapitu. Matak timburu sakur bincarung. Na, teu nepi ka lebah dinya?*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya