Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lagu Liwung Lagu Buhun

Selasa, 13 Januari 2015

"NÉLÉNGNÉNGKUNG," paneda indung. Kapireng ti jauhna, kiwari. Lain jeung bihari, galindeng karasa jeung geterna bari nyangsaya dina aisan. Pinuh ku pangharepan. Munajat ka Nu Maha Ngayuga.
Indung. Panyalindungan beurang peuting. Deudeuh geugeut taya kendatna. Indung beurang purah mapag ku kahéman ka nu anyar datang. Ditiup embun-embunanana. "Puah . . . ! Puah . . . ! Janglar siah jalu!" Malar tandang makalangan. Pasosoré kaanjangan indung peuting. Méga hideung pihujaneun. Ngirim asih ku cai keur kahirupan. Cikahuripan. Ngamalir. Teu matak caah 'na usum hujan. Moal kurat-karét mangsana samporét usum tigerat dina katiga.
"Geura gedé geura jangkung!" Jalugjug. Kayungyun. Lain ukur jangkung tangtungan, tapi luhur budi parangina. Masagi ladang tina atikan. Kapiara agama katut darigamana.
"Geura makayakeun indung!" Moal bina. Ku temen wekel dibekelan du'a. Pasti datang nu dipikahayang kasampeur nu jadi panyileukan.
Bandung pangjugjugan. Heurin ku tangtung. Matak bingung, liwung baluweng lantaran pegat katresna mun teu dipiroséa. Teu kebat ngajurung, "Geura sakola ka Bandung!"*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya