Catetan Balébat
HUJAN ngagebrét nepi ka liwat tengah peuting. Urang teu bisa kebat lumampah. Nyiruruk di rohangan nu sarua simpéna. Asih nu lawas pakait, jeung asmara nu sarasa. Harita bedah, ngagulidag jadi caah. Urang ngangkleung silihrungrum. Laju kalangsu nyacapkeun rasa katresna. Ngalilir mangsa balébat. Gebeg! Reuwas, anjeun nyampak dina keukeupan. Ngoréjat. “Dosa, Kang. Dosa urang,” nginghak. “Hampura,” kuring nyegruk. Urang ngocéak. Dina unggal sujud. Reged ku geugeuleuh lamokot ku kokotor, teu leungit najan samenit. Ti balébat ka balébat kumolébat seuneu nu ngabebela. Panasna leuwih ti misti. Ngaléntaban. Ngahuru sakujur awak, nepika rangsak. Nagih tobat ‘na unggal rénghapan urang. Bungah, reuwas, wirang jeung keueung basa Wening gumelar. Anak urang.
Mangsa balébat lir samagaha. Maca lalakon nu ngabarobahkeun jalan carita. Bréh, pameunteu Apa. Linduk marahmay, éstu ningtrimkeun. Kiwari nyeuitan ati. Sok kawas nebihan mun dideukeutan nalika anjeuna gaduh abdas. Tilu minggu deui Wening rék ngadahup ka Ahmad. Apa moal ngawalian.*
Ida Nurulhuda - kisuta.com


