Guneman di Laut Jawa
"ASA arang pendak nya ayeuna mah, Nyai. Kamana horéng?" Ceuk Ci Tarum ka Ci Liwung bébénéna, basa paamprok di Laut Jawa.
"Numawi Kang, sapanjang jalan ka dieu téh janten langkung seueur halangan harungan, margi rada sesah milarian kamalir! Runtah pamiceunan urang Jakarta rébuan kilo dina sadidintenna, pasoléngkrah ngahalangan jajalaneun. Nya kapaksa atuh Nyai téh milarian jalan ka lembur jeung ka tengah kota .Ari Akang kunaon sapertos nu kirang séhat? Asa langkung kuru jeung cakeutreuk kitu!" Tembal Ci Liwung.
"Badé teu janten kieu kumaha atuh, Nyai. Da jalma-jalma jaman kiwari mah asa langkung deleka batan kapungkur. Teu beurang teu peuting téh nya teu bénten sareng ka Nyai, merkosa jeung ngagunasika, namplokkeun geugeuleuh jeung racun kana awak Akang!"
"Iraha atuh nya, Kang bakal jiga baheula deui?"
"Duka atuh Nyai, Akang ogé teu apal, da urang mah teu bisa protés ka DPR!"
"Sumuhun Kang, tapi keun sakali-kali mah urang amuk, ngarah kapok jeung terus malikir...!"*
Maman Damiri - kisuta.com


