Orchestra
"ANYIIIING... ! Dasar teu boga cedo! Euweuh kaéra! Satéh sémah, deuleu! Sémaaah !" Ukur ngarérét "Naha can seubeuh manéh ngajungjurigan aing? Moal, najan kumaha baé gé aing moal deuk serah bongkokkan. Dilayanan siah ku aing!" Si Jabrig ngabalangkeun botol. Kraaak.... Langit peupeus saharita kénéh. Béntang ragragan. Mancawura ka buruan. Bulan, ngabecir lumpat sakulampat-lampét. Pangheulana. Reup. Langit ngadadak hideung. Aing, ngagalaprak. Géhéng kahuru ku nu ngabebela jeroeun dada. Tingbeletuk sada tulang nu rapluk caroplokan. Laleupasan. Ari Sia, sia kalah ngéngklak. Ngéngklak terus. Bari cecelebekan ngahakan bapa aing. Ngahakan Indung aing. Ngahakan Anak aing. Ngahakan imah aing. Ngahakan taneuh aing. Ngahakan kuburan aing!*
Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


