Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kuéh Putu

Selasa, 20 Januari 2015

DI téras paduduaan. Bulan sapasi ngagantung dina pucuk tangkal kalapa. Lar..tukang putu.
"Mang, putuna sapuluh siki."
"Paling ogé tiasa 5, Dén."
Tukang putu nyalingker kanu buni. Rungkun awi. Bet rada lila.
"Ouw...." tukang putu ngajorowok. Lima kali bangun nu nyeri.
"Mangga...Dén." Aya késang dina tarangna, hérang katojo cahaya bulan.
"Kunaon bieu ngajorowok?"
"Numawi Dén, cocolokna ragrag ka lamping méméh ka dieu"*

Yayan 'Bedog' Supriatna - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya