Pilihan Katilu
CEURIK ngagukguk dina taktak. Panon kénca nepi kana pipi, geuneuk ngageblég. Biwirna rada jeding, tadi katingali leumpangna rada pinced. Kajadian nu teuing kasabaraha kalina. Arrrggh! Mun kongang hayang kumaha da, ka bebengok salakina!
Ukur wasa ngusapan tonggongna. Manéhna rada muringis. Emh…pasti bohak atawa geuneuk ogé dina tonggongna téh.
“Urang geus teu kuat, Cin. Teu kuu…aat!” Ngomongna pegat-pegat.
“Tapi urang teu bisa! Karunya barudak…” Pokna deui.
Teu bisa kukumaha ari geus kitu mah, da puguh kaputusan aya di dirina sorangan. Pilihan ngan ukur dua, ngejat atawa ngantep manéh. Masing-masing aya résikona.
“Urang hayang siga manéh, Cin!” Pepedut ngalimpudan hihideung panonna. “Teger jeung wanian.”
Seuri maur, haté ngagerentes, “Entong, Rah!”
Sawatara jongjongan ukur pahuleng-huleng. Manéhna cengkat lalaunan bari pupuringisan. Ngabalieur, teu wasa ningalina! Méméh ngaléos, leungeun ngeupeulkeun bungkusan leutik. “Lamun manéh geus teu kuat pisan!” Ngaharéwos. Manéhna ngaheunggeu, tapi tuluy unggeuk lalaunan. Sorot panonna siga nu ngumpulkeun kayakinan.*
Aam Amarullah - kisuta.com


