Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Dina Puncak Kasimpé

Senin, 26 Januari 2015

DINA sapada sajak. Dina kalimah-kalimah pangjemplingna. Lebah kecap nu ditungtungan ku hiji hurup hirup, implengan ngajadi warna peuting. Girimis karasa tiis. Ngeprisna manjang, tuluy maseuhan lulurung pangjerona tina dada anu kénca.
"Naha di mana carita nu pernah aya? Ayeuna, dina impian gé ukur bisa rarampa nénéang kalangkang anjeun...."
Unggal éta teuteup ngumalangkang, aya hinis nganteurkeun seuseukeutna. Nyeuitan. Tatu nu can garing, disasaak ku tatu nu séjénna.
"Ah, janten émut kana seungitna éta rambut, teuteup nu liuh sareng eundeukna eta harigu."
Mun purnama nengah-nengah
Sésa-sésa durukan, tangkal mahoni jeung kalakay nu sagaring ieu haté, ngantay 'na ingetan. Dudupak, ngajak néangan tineung panghaneutna.
"Rék guligah nu mana deui, nu rék ditatah dina tangkal pangiuhan urang, Jungjunan?!"
Lalampahan simpé
Stasion karéta, hujan, kelenténg beureum, imah bodas. Hiji poé bulan januari. Dipisah 1440 menit nu rintih. Rasa urang beuki halon.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya