Nini
“MA, iraha nini mulangna?” Kitu jeung kitu baé ngomongna téh. Méh saban waktu. Sakapeung ngomong sorangan. “Nini, iraha mulang?” bari mencrong kanjut kundang nu ngalumbruk dina sela-sela tumpukan lawon dina lomari. Rada kabangbrangkeun téh mun keur ngudag-ngudag merak atawa cangéhgar. Atawa nyumpitan tikukur. Komo mun keur dibawa moro uncal atawa ngajiret mencek mah. Katangen mani bungangang éta budak téh. Tapi, ari geus balik ka imah mah, nu pangheulana ditanyakeun téh nya si nini.
Ari bieu, kira-kira rék tengah peuting, keur saré tibra, bubuhan capé sanggeus sapopoé ngungudag banténg, manéhna ujug-ujug lilir. Tuturubun ti enggon. Indungna, nu kabaribinan, kerung.
“Rék ka mana, Jalu?”
“Rék néang nini,” bari mukakeun tulak.
Éléh déét, si indung turun, nuturkeun. Enya baé. Di béh kulon, luhureun Gunung Burangrang, si nini nuju sidéngdang dina mumunggang bulan.
“Nini ...!,” budak ngagorowok. Jempling maruplukan.*
Maman Gantra - kisuta.com


