Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Mérah Dalima

Rabu, 28 Januari 2015

"BAKU, ari geus ngareureuwas téh. Nyimas mah!" Cenah, kituna téh maké jeung ngaragap dada sagala, mundur sababaraha léngkah. Demi nu teu leupas tina paneuteup duaan, kalah celengeu. Awakna hideung lestreng. Katénjona semu hérang. Tinggurilap. Katojo ku panonpoé, nu seseleké kana sela dangdaunan. "Kumaha béja urang Lampinghideung?" Ki Sobat nyaur. Sorana ngageter. Nu ditanya ayeuna mah ulal-elél, kawas némbongkeun létahna nu siga buntung. Bet karérét deuih, éta tina dua pasang juru matana. Moal kitu cimata mah? Nu bangun enya hayang ngayakinkeun, yén manéhna ayeuna mémang geus teu boga nanaon. Kuring masih nangtung, antara hélok jeung banget panasaran. Antara kasima jeung uleng mikiran omong-omongan Ki Sobat nu éstu teu pikahartieun. Tapi, sapok-pokeun pisan. Ki Sobat ngahuit. "Geuwat! Bisi kaburu elat. Ajak batur. Tinggalkeun Parungséah. Geuwat!" Pokna, bari rikat ngajeuwang pigeulang leungeun nu kénca. Rurusuhan. Balik deui muru lembur, nu perenahna di suku Gunung Gedogan, sagulampéng jeung Lampinghideung.*

Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya