Siklus
NGAHAJA. Mobil téh sok digerung-gerung lamun ngaliwat ka imahna. Sok sugema haté téh. Baheula, bapana téh jalma pangjegudna. Bapa kuring, henteu ari pangmalaratna mah, ukur kagolong warga ripuh. Ayeuna, dunya geus tibalik. Kolotna nu baheula sok ngahina kolot kuring, dibales ku kuring nu nincak sirah anakna nu baheula sok nguntup. Nyaksian pisan. Hartana jiga gunung kapur. Nungtutan béak. Haté bet bungah ningali kaayaan kulawargana kiwari. Utamana anakna nu saumur jeung kuring. Nu baheulana budak harak bari salawasna dibélaan ku bapana sarta babaturanana téh ayeuna mah ukur jadi ustad kampung. Ustad nu unggal ceramah ukur dibayar cukup ku nuhun jeung sangu dus. Sok méré duit ka manéhna téh, pupuluhan rébu baé. Lain méré iklas, tapi ngahaja ngahinakeun. Budak kuring gé ngahaja sina diajar nyacampah budakna nu saumuran. Mun geus gedé, rék sina méakeun harta kuring. Keun, sugan baé budak kuring téh engkéna jadi jalma bener. Ngeunteung kana sajarah nu geus aya.*
Rudi Riadi - kisuta.com


