Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Rancah-Rajadesa

Senin, 2 Februari 2015

JALAN gede rajet. Garokgek sapanjangna. Taunan. Taya nu mirosea. "Iraha rek diomeanna atuh, Sarceeeng....?" Aweuhanna nepi ka puseur dayeuh Galuh. Notorekeun. "Emang gue pikirin!" Heab amarah teu kaampeuh. Sapuk rek ngajorag. Mawa katugenah. Asa dianakterekeun. Braal.... Arindit. Samotorna-samotorna. Babarengan. Ngulon. Mapay jalan nu renjul tur ngebul. Barang anjog di tanjakan, katembong aya aki-aki. Papakean sarwa bodas. Digelung jucung. "Na ngahalang-halang kami, saha ari anjeun?" ceuk kekentong abrulan. " Kami Lingga, dulur-dulur. Keun ku kami rek diomean jalan teh. Munduuur... " pokna. Rep sidakep. Ngawatek ajian. Dumadakan alam poek. Teu lila kadenge tingkaletrek. Tingdalokdak. Gawe gede. " Hudang, dulur-duluur.." Tingkulisik. Tingkuniang. Nenjo jalan. Hookeun. Leuwih leucir tibatan nu enggeus-enggeus. "Hurseeeh...! Hidup Ki Lingga! Hidup Ki Lingga! Bupati taun 2014!"*

Aris Kumetir - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya