Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Saba Baduy

Rabu, 4 Februari 2015

AYAH Mursid. Lalaki sajatining jalu. Télok humandeuar ngarasula. Teu weléh imut, najan batur ukur ngamangpaatkeun wungkul. Rapékan akuan ka sémah, maké haté jeung enyana. Jajap sajatining cacap.
Dainah. Jaro sajatining wakil pamaréntah. Teu weléh giak diangkir rapat, najan béak laladangan kebon sorangan, keur gaganti minyak, mun diangkir ka dayeuhna.
Sarip. Laladén sajatining mantuan. Télok haliwu itung-itungan, komo barijeung nyiar leuwih, mun aya nu hayang ngadon nyatu jeung meutingna, nu deuk nyaba ka Mandala Kanékés.
Asep Kurnia. Inporman sajatining béja. Teu umaing méré pangabisa, mun aya nu hayang apal kahirupan urang Sunda nu saujratna, kanu ngemban titipan Karuhun Sunda.
Urang. Jalma Sunda nu can tepi sajatining Nyunda. Asa légég pang-Sundana. Cacak ukur cangkang jauhning eusi komo pelokna. Palakak-peuleukeuk ambek jasa, mun teu disebut pang-Sundana.
Dararia...maranéh... teuing?*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya