Lalaki Kuring
"MAH," geugeut. Ngarangkul cangkéng. Surti, tangtu aya kahayang. Puguhan kuring mah, éléhan. Sanajan isuk-isuk karék ngamuk, manggihan sms teu uni ti awéwé anyar deui. Awéwé jurig ka sabelas dina bulan ieu, can asup itungan nu bulan kamari jeung kamarina deui. Dina tarangna aya kénéh perban urut ditakol mutu. Raheut munggaran dua taun kaliwat. Deudeuh. Bonganna atuda. Regeyeng, kuring dipangku. Teu baha.
"Ngambek kénéh?" harewosna, haneut. Kuring gideug, bari ngahénén. Kerewek. Les.
Isuk-isuk manggihan sms anyar, ti awéwé jurig nu ka dua belas bulan ieu.
"Sayang..., diantos di kantor nya, mwach," cenah. Nyel ambek deui. Kulutrak panto cai muka, dipapagkeun ku piring lodor. Habek. Prang. Piring keuna panto. Ngeplos ukur ngaliwat sirahna. Nyéréngéh pikasebeleun.
"Emh. Hésé nyiksana boga salaki ka jurig bungkeuleukan mah geuning," ceuk kuring, kutuk-gendeng. Inget awakna nu dikubur dijero kamar mandi.*
Emalia - kisuta.com


