Si Amang
“ARI umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed, Amang mah.Ginjal kari sabeulah. Jantung kari sapotong. Sing inget, Amang! Abong létah teu tulangan. Sautak-saeutik anjing. Meusmeus goblog. Bisi diturutan ku barudak. Mangka budak Amang mah keur mangsana tuturut munding. Amang téh geus kolot. Ulah percaya teuing kana omongan batur. Niat jalma mah béda-béda. Pajar Si Ibi aya haté kadua leutik ka uing. Bohong éta mah. Fitnah. Palias teuing bobogohan jeung Si Ibi atuh. Uing gé kira-kira. Enya. Si Ibi téh awéwé petingan. Majar urang Lebanon. Banget geulisna. Panon cureuleuk. Biwirna ipis. Irung mancung. Enya lah kaharti. Tapi naha kudu jeung uing atuh, Mang? Euweuh dasarna nuduh téh. Sakali deui éta mah fitnah, Amang. Sok geura kupingkeun. Buka tah cepilna. Ulah ditutupan waé geura. Bisi torék. Amang…! Amang…! Hudang koplok! Sugan paeh, Amang téh? Amang… Nya menggeus atuh paéh mah, Si Ibi na keur uing wé. Karunya barudakna laleutik kénéh…”*
Deni Riaddy - kisuta.com


