Mapag Rejeki
BLÉK keletik 'na salang ngagaléong waktu nanjak di pasir. Rancatan rumékét. Ngawirahma. Saung handapeun randu jadi pangjugjugan. Ngareureuh tina kacapé. Nyarandé 'na tihang. Panon peureum. Leungeun ngageberan awak ku laken nu rawék. Nyah beunta. Bréh piit tingaraclok 'na tuturus kacang nu garing. Geleber pindah ka tuturus nu séjénna. Papacok.
"Duh, Gustiii..." Sasambatna. Rot cai ditotor. Maseuhan tikoro nu tuhur. Tuluy kempis disimpen 'na palupuh. Bréh aleutan sireum. Najan rébo teu weléh ngarandeg mangsa tepung jeung papadana.
"Haikul yakin. Moal nyalahan. Pasti datangna!" Tuluy cengkat. Regeyeng blék ditanggung. Ngaléngkah muru lembur. Hiuk angin ngawur-ngawur kapuk. Lalampahan tacan wekasan.
"Minyaak..! Minyaaak...!" Sora aweuhan di léngkob. Waktu layung ngempur di kulon.*
Aris Kumetir - kisuta.com


