Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ajag

Minggu, 8 Februari 2015

“UNGGAL Si Aa gédég, Si Bapa sok robah jadi ajag. Buluan. Sihungan. Si Aa diségag. Si Mamah gé kétang unggal peuting sok dibuligiran, tuluy direwég..,” ceuk Si Ujang ka eunteung. Di juru kamar. Aya reungit kajiret ramat lancah. Ngerejet. “Ah, geuning Bi Minah nu keur nyeuseuhan gé dipangku, tuluy direwég. Bi Minah teterejelan. Teu dilésotkeun..,” Si Ujang hariweusweus deui. Reungit kajiret deui. Ngerejet deui. “Ajag téh beuki galak. Si Tétéh tadi direwég. Direcah. Si Tétéh adug lajer. Kokoséhan. Ajag beuki buringas..,” Si Ujang beuki hariweusweus. “Tapi, ayeuna mah kabéh gé jadi ajag. Si Aa operdosis jadi ajag. Si mamah setruk jadi ajag. Bi Minah bureuyeung jadi ajag. Si Tétéh ngagantung manéh jadi ajag. Saacan Si Bapa robah deui jadi ajag, tadi keur saré beuheungna dikadék ku Ujang..,” Si Ujang nyéréngéh ka eunteung. Dina eunteung. Aya ajag ngadangong. Babaung. Di juru kamar. Aya nu kajiret. Ngerejet.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya