Orok
OROK diais ku Kang Wahyu, diadzanan ku Kang Jana, tuluy diharéwosan Syahadat ku Kang Wawan. Sakali séwang ngais. Dinangna-néngné.
"Panonna jiga nu Ayah nya Bu?" ceuk Kang Wawan bari neuteup. Teuteupna nu salawasna deudeuh. Kuring ukur imut.
"Pangambungna ngala ka Papah nya Mah," Kang Wahyu ngalieuk. Kuring ukur unggeuk, bari ngararasakeun kénéh kanyeri.
"Tah, Lambeyna mah tos jelas ngala ka Papih. Séksi!" ceuk Kang Jana bari nyeuleukeuteuk.
Ger tiluanana saleuseurian. Orok tuluy diserahkeun deui ka kuring, anteng saré gigireun.
Diperhatikeun téh enya, panonna buleud jiga panon Kang Wawan, pangambungna mancung jiga Kang Wahyu, lambéyna persis pisan ngala ka Kang Jana. Ngan halisna! Halisna nu hideung jeung kandel, ngala pisan ka ...
Duh! Kuring teu wasa kedal.*
Is Tuning - kisuta.com


