Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Damar

Jumat, 13 Februari 2015

SALASA, wanci pecad sawed. Belebes-belebes. Galengan anyar mopok. Gorobas. Suku tikudawet. Gebog cau dijejek. Bras ka kebon bonténg. Luak-lieuk. Bonténg kakara dipanén tadi isuk. Kari bakukulna. Lumayan tamba hanaang. Sot, tas sorén tina karung tarigu. Digantungkeun dina tihang saung. Korosak. Kararas katincak. Gabres. Cucuk rungkang. Bonggol awi seuseukeutna. Brek. Deku. Gustiii...!
Leumpang diséréd. Ingkud-ingkudan. Getih baloboran. Ranyay. Poék saharita.
Dalah kumaha karasa kénéh leungeun Marni meulit kana cangkéng. Sirahna neueul kana taktak. Ngusapan dada. Rét kana suku nu dibaguded lawon sesebitan. “Badé angkat tabuh sabaraha?” Leungeun Damar ngusapan buuk Marni. Teu wasa némbal. Nu karasa dina dada kari héabna. Saab katebak angin. Janari manéhna indit. Mawa sasemplék haté Marni. Nineung ku nyaahna. Melang ku léahna. Sanajan kakara panggih di tangsi, mangkukna.
Bulan teu pageuh dina langitna. Lilir. Aya leungeun ngusapan dada. “Geura gugah, bilih kasiangan. Badé angkat tabuh sabaraha?"*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya