Apa
MEGAT beus hareupeun kampus. Rék ka lembur. Matuh, namprak ka kolot. Geus kacipta dina implengan, Apa nuju ngadaweung dina téras. Atawa nuju calik payuneun tipi. Atawa nembé kaluar ti jamban, rarayna baseuh ku cai wudu. Ah, nuju kumaha waé ogé, rarayna pasti marahmay ningali kuring. Mésem bari nyarios, “Tanginas, Nyai!” Ngaheureuyan tatéh. Pédah balik méméh waktuna. Dikitukeun téh bati ngabéléhém, geuwat ngasun pananganana.
Sapanjang jalan, ngararancang naon nu rék diobrolkeun jeung nu rék ditaroskeun. Apa mah ‘pendengar yang baik’ jeung gudangna pangaweruh. Sagala rupa nu ditaroskeun pasti tiasa ngawaler.
Di terminal, kalacat kana angkot. Haté beuki kekejotan, hayang geura ningal raray Apa nu marahmay. Turun tina angkot, délman geus ngadagoan. Nepi ka imah, Apa teu katingal di téras. Sup ka jero. Korsi kosong, sararimpé. Ngalieuk ka panto jamban, molongo. Sérését, hate peurih. Rét kana poto nu ngajeblag dina témbok. Apa sareng Ema, pada-pada mésem. Berebey cipanon, “Apa, Nyai sono…!”*
Aam Amarullah - kisuta.com


