Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tentara Jeung Jambu Lilin

Kamis, 19 Februari 2015

GEUS aya samingguna, di lembur réa tentara. Samarakta. Beurang-peuting patingkedepruk. Sakapeung, sora bedil patingdérédéd. "Ulah reuwas, ulah sieun!" ceuk Punduh Opad. "Sarakan urang dipaké latihan perang." Teu sieun teu sing. Resep nu aya. Bisa lalajo peperangan di sarakan kaléreun lembur. "Tah, Sarkim, bari lalajo tentara téh dagangkeun ieu!" Ema ngasongkeun baskom, pinuh ku jambu lilin. "Engké diburuhan." Lumayan, jang ngajajanan Nenéng Dina di sakola. Regeyeng, baskom dipangku. Gura-giru muru sarakan. Leumpang gancang bari ceuceuleuweungan. "Jarambuuu... jambu liliiinnn..." Kabeneran, tentara keur aristirahat. Rob, ngariung baskom. Kup-kop kana jambu. Cacamuilan, bangun nu narikmateun pisan. "Alhamdulillah..." Baskom kosong. Bungah. Ras ka Ema, pasti kana atohna. Ras kana buruh nu bakal katarima. Ras ka Néng Dina nu sok soméah mun dijajanan. Séréngéh, seuri sorangan. Priiittt...! "Pasukaaan... berkumpul!" Pahibut. Tentara cug-ceg kana barang séwang-séwang. Lalumpatan sabedilna-sahélemna-saranselna. Paheula-heula muru komandanna. Bréh, baskom kosong. "Ari artosna...?" Teu kebat, kaburu nyelek. Cipanon ngembeng. Samar-samar, abringan tentara témbong tonggongna.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya