Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kakangen Nu Kapiangen

Jumat, 20 Februari 2015

TINGKARETIP célak béntang. Birahi na ciciptan ngayun léngkah ngagancangan. “Engkang wangsul, nung” ngagerendeng. Béak péngkolan. Jog. Anjog di hiji imah leutik camperenik. Na beungeut panto, nu ngajanteng ngumbar imut. Paneuteup, geugeut, seukeut. “Kalebet, yu!” ajakna. Nu dipikangen unggeuk, ngarangkul, pageuh. Satutasna bebersih, tuang, jeung sajabana. Laju léléndéan ka pamajikan. Tiis, teu ieuh ngalayanan. Ngadon lumpat muru ka kamer. “Euh, hayang ocon di pagulingan, meureun sarua teu kuat nandangan sono!” gerentesna. Jero kamer. Nu nangkuban, digaléntoran. Lingerie, ngalumbruk na ubin. Wangi salira reureundahan katebak kipas di lebet kamer. Ngulisik, malik. Salira nangkarak. Umyangna matak bohlam kapiasem. Nyedek. Barang rék ngalacat, manéhna ngoléséd. Nyarandé di juru ranjang. Ngabangingik. “Astaghfirullah!” Haroshosna, lain séah birahi nu tadi. Aya nu ngabelesat ti kamer muru ka pipir. Gasik dituturkeun. Panto ngagemblang. Bréh. Lingerie nu tadi, nyampak ngalumbruk jeung ragana. “Enuuung…!” jerit nu kemba. Énjingna. Cimata undur, ngamalirna malik ka jero dada, waktu pulisi nembongkeun hasil identifikasina.*

Remi Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya