Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Madam X

Minggu, 22 Februari 2015

SATAUN kalarung kajadianana téh. Basa manéhna nampa surat misterius. Teu wasa nolak, da kabongroy ku buruhna. Berekah pikeun jalma pantar manéhna. Ngan cék unina éta surat, sakur nu kasaksi kudu dirusiahkeun.
Dina sarupa kulkas raksasa manéhna ngadeluk. Rohang 8 x 10 nu tiis kacida. Di tengah rohangan perenahna ranjang jenazah, ngaréndéng jeung peti mati. Aya bugang ngababatang luhureun ranjang. Madam X, sandiasmana. Nu bakal digulanggapér ku manéhna.
Imeut manéhna gawé. Ti mimiti ngaberesihan kulit nu geus gareuneuk, tepikeun ka nguramasan. Dipungkas ku pagawéan nu matak bangga, numpangkeun dua leungeun kana dada. Dina waktu opat jam, Madam X, témbong badis wanoja dina lukisan Vermeer.
Basa keur bébérés kajadianana téh. "Tulungan kuring...." Manéhna mireng hiji sora. Sidik rohangan éta mah simpé. Bulu pundukna carengkat, ngan inget kana naon nu bakal karandapan. Kajadian deui basa manéhna rék amitan. Hareupeun panto ka luar, bet hayang ngalieuk heula ka jero rohangan. Manéhna tuluy ngocéak.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya