Roka’at Ahir
TAKBIR. Duh, isuk-isuk pasti pamajikan aing jamedud. Mangkaning euweuh duit keur ka pasar. Tadi peuting ngerewih. Teu boga keur deungeun sangu. Takbir. Ruku. Isuk-isuk budak indit ka sakola, kumaha keur bekelna. Beurangna pasti ti PLN datang rék nyabut listrik. Iktidal. Takbir. Sujud. Kacida teuing Alloh mun teu méré kanikmatan ka aing téh. Apan aing unggal peuting menekung sakieu husuna. Takbir. Cengkat. Diuk di antara dua sujud. Pagawéan can réngsé, aing bingung, dunungan pasti ngagelendeng. Takbir. Sujud. Kumaha atuh isukan, loba pisan masalah. Takbir. Diuk. Apan aing téh keur tahajud. Neneda ka Gusti nu murbeng Alam. Nu kagungan sadayana. Aing téh keur husu ngadu’a. Ménta. Apan geus poék téh bakal aya beurang. Apan geus bulan téh bakal datang panonpoé. Isukan aing kudu bajoang. Yakin, isuk-isuk aing bakal meunang milik. Keur béas, keur bekel barudak sakola. Keur mayar listrik. Yakin. Dunungan aing moal ngagelendeng. Yakin. Lieuk katuhu. Salam. Lieuk Kénca. Salam.*
Rudi Riadi - kisuta.com


