Tilam Gogoda
TI tos solat subuh ngusek digawé. Ngahanca seuseuheun jeung kumbaheun nu ngaleuya. Nyadiakeun keur sasarap gé teu kacabak. Ah, sabot rariweuh kieu mah mending meuli. Sorabi, goréngan, bubur atawa sangu konéng, kari ka warung Bi Wawat. “Téh, mésér sorabi sareng goréngan. Nyungkeun sambel céngék jeung citéh panasna,” cekéng bari ngasongkeun duit. Nu dititah giak indit. Puguh saréréa gé galunggang ari isuk-isuk téh. Teu kungsi lila geus jol deui ngajingjing kérésék. Sok di kana piringkeun jeung kertasna. Bi Wawat mah rada apik mun laladang téh. Kadaharan nu ngagolér sok dibungkus heula, méméh diasupkeun kana kérésék. Gup-gap barudak jeung Abahna paboro-boro. Bérés popoé tuluy kop kana sorabi jeung comro. Capé. Karérét tulisan dina kertas nu geus lamokot ku minyak. Disidik-sidik ngaran jeung fotona, teges. Manéhna. Gancang didudut, laju dirawatan. Sup, kana rohang nu banget nenggang. Hamo katéang ku sasaha. Leng. Kacapé jeung rasa lapar laun- laun kumalayang.*
Ida Nurulhuda - kisuta.com


