Cinta Nu Ngabebela
"KAMI di dieu kénéh, Mbi, di mumunggang simpé. Jiga kamari, jeung poé-poé méméhna. Anteng kénéh, ngotrétkeun padalisan-padalisan sajak nu teu kungsi suwung tina ngaran anjeun. Ngaran basajan anu nyulusup jauh kana galeuh implengan. Kami kabungbulengan deui, Mbi. Deui-deui, kami kabungbulengan ku imut anjeun, sumirat srangéngé dina subuh nu halimunan, nu ngamalirkeun haneut kana awak sakujur. Saban poé, ti isuk tepi ka peuting manjing janari, ngaran anjeun mangkak jadi kembang-kembang sajak. Tapi kapan cinta mah lain sajak atawa tarucing nu eusina singsarwa nyamuni. Ogé lain orasi pulitik tukang rahul nu harayang kumawasa. Kapan cinta mah teu kudu ngawasa. Da geuning kakawasaan mah leuwih remen ngadoréksakeun. Kami embung kawas kitu, Mbi. Kami ukur hayang micinta. Enya, micinta anjeun. Ku cara kami. Cara anu basajan. Rerencepan. A."
"Arjuna? Atawa Abimanyu? Atawa saha? Duh, kumaha mun Kakang Bima apaleun?" Gur, Arimbi ngaduruk welasan lambar daluang dina leungeunna. Léntab. Seuneu nyantok Arimbi. Jegur. Pringgandani ngabebela.*
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


