Késang
“HEUG, ari embung mah. Tah, létakan kesang Aa,” Rusdi jamotrot. Marwan éléh géléng, golosor duit. Lain embung mayar ngan geus apal kana ketak Rusdi. Euweuh dina undang-undangna, PPL kudu nyieun SPJ komo deui diténderkeun ka bendahara mah. Marwan teu bisa kukumaha, bongan kabéh PPL satuju kana naon nu diomongkeun ku Rusdi. Batan ngarasa ditipu kalah asa ditulungan. Kana kituna mah, bisaan Rusdi téh. Ngaréka-réka omongan, nanggeuy batur. Nepika batur kagémbang, teu sadar keur dipacikeuh. Ka sasaha teu weléh nga-aa-keun, ngarah batur asa dipiconggah bari samiuk ka manéhna.
Rusdi sura-seuri sorangan. Leungeunna ngageber-geber lambaran duit. Limapuluh rébu kali tilu puluh urang PPL. Lumayan! Ceuk pikirna. Acan Kamari, basa rapat panwascam, ménta anggaran sajuta. Keur nyieun SPJ deuih. Cocéng saeutik waé mah, jamak lah. Éta keur nyocokan staf ngarah teu comél.
Leungeunna terus gegeber tapi awakna beuki karasa bayeungyang. Késang juuh. Beuki lila beuki juuh. Malah jadi cur-cor sabulu-bulu. Rusdi tikerelep, kekerebekan.*
Aam Amarullah - kisuta.com


