Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Adu Jago

Senin, 9 Maret 2015

TINA sakitu lalaki nu sok nginbok. Aya dua pejuang tangguh nu kuat kaéra. Muji ku salabarna. Teu beunang ku dibéjaan yén kuring geus boga salaki. Mésbuk ukur rék nambahan kawawuhan. Keukeuh ngarayu, ngolo-ngolo. Sifatna lalaki sugan, sok panasaran mun can beunang. Pikakeuheuleun matak sebel. Hayang seuri ogé. Geus dijutékan, diblokir. Jol deui maké akun anyar.
Karék gé o-él. "Kumaha, Say? Sok, hoyong di mana kopdarna." Inbok ti Sobari, ngakuna mah tentara pangkat kaptén. Jol deui ti Andro. Inbok nu méh sarua. Ngajak kopdar.
"Baé jeung salaki?" iseng, ngabales. Di-pasteu ka duanana. Méh bareng, "It's ox. Rék diajak tarung. Méh ayanx tau siapa yang paling jantan!" Sarua persis. Dasar garejul. Kagok asong. Ka nu hiji ngaku salaki téh tentara, ka tentara ngaku boga salaki pelatih karaté. Geus sapuk janjian tempat. Bari diémbohan, kuring rék ngalalajoanna nyumput. Geus dibéré émo 'kiss'. Gancang off. Teu nyikikik. Bisi incu nu keur ngapalkeun reuwaseun.*

Emalia - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya