Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Hiliwir

Rabu, 11 Maret 2015

“RÉK indit deui?” Haroshosna. Lawas ngalempréh luhur ranjang. “Teu bosen nanya waé kitu?” Témbal pamajikanna. Tonggoy ngulasan biwir geuneukna. Tutas wedak ngalataran salega rupa. Simpé sajongjongan. Ukur hiliwir angin tina sesela bilik. “Geus éra urang téh ku batur...” Haroshosna deui. Diselang jegoh nahun. “Éra, hah? Ari enggeus rék nyatu naon?” Jung. Ngungkug ka luar bari ngajablogkeun panto. Hiliwir maneuh ngajurung baju pungsatna. Ka tengahing bédéng-bédéng proyék.
Di juru. Anakna. Cimataan. Tungkul maca. Api-api teu ngadéngé saniskara kajadian. “Lia...” Peuyeuh. Gék. Gigireun. Song. Mikeun emuk. Regot. Ambekanna. Ngerepan. “Bérés ngapalkeunna?” Beuki peuyeuh. Unggeuk. “Naha Ema angkat waé wengi?” Tanya anakna. Ngabetem. “Saur batur, Ema sok paduduaan sareng mandor proyék.” Angger ngabetem. Simpé deui dikungkung hiliwir.
Kulutrak. Pamajikanna. Lungsé jeung kukusut buuk janari. “Balik téh meuni peuting teuing...” Mapag ronghéap. “Unggal indit jeung balik haben nanya waé kitu! Teu ngarasakeun!” Nyeuneu. Nyah. Anakna. Lulungu. Tibra tunjangeun kagareuwahkeun. “Lia...” Leuleuy. Hiliwir nuuskeun cimatana.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya